Lambak Peuting

Hiji lalaki, kapati-pati ku katumbiri. Unggal isuk, di sisi kikisik, manehna anteng ngagambar langit ku seuseukeut peso balati. “ Uing panggih jeung cinta di dieu !, dina cai laut nu ngagolak!, dina hiji peuting, basa manehna rerengkenekan bareng jeung lambak, neangan pitunduheun, tina ngempurna sorot panon nu teu ieuh linduk !”.Cahya Bulan geus waktuna surup, tapi balebat tetep nyumputkeun hatena dina kotak peti kasedih. Atra katingali budah laut, narempel na sakujur awakna, tapi hate jadi ngalongkewang, henteu bisa deui nyawang bau laut nu bihari. “ Naon anu bisa di pilampah, pikeun nyanghareupan kuasana takdir, iwal ku narimakeunana !”. Gerentesna. Manehna neueulkeun pipi kana lebah jantungna nu tutunggulan . “ Emh …iraha deui, uing bisa ngadenge deui sora motahna lambak na hate anjeun !? “.